Wikipedia

Hasil penelusuran

Jumat, 06 Juli 2018

Wawangsalan

Sampurasun.
Kanu mikaresep kana wawangsalan atanapi baraya nu palay tiasa wawangsalan, poma ulah dapon waé ngawangsalkeun atawa ngadamel tarucing wawangsalan. Salian ti jumlah engang tiap baris 8, perhatoskeun ogé kalimah cangkang sareng kalimah eusina.

Kalimah cangkang (jajaran kahiji) kedah masihan gambaran kana eusi wangsal, kalimah eusi (jajaran kadua) kedah aya hartosna mangrupa kereteg haté (rasa haté), piwuruk, rasa asih/cinta.

Ieu aya conto wawangsalan buhun, karya parakaruhun urang. Mangga tengetan, kumaha murwakantina, kumaha cangkangna sareng kumaha eusina.

-. Abdi mah caruluk Arab, henteu tarima téh teuing.
-. Abdi téh kapiring leutik, kaisinan ku gamparan.
-. Abdi mah sok ngembang kawung, inggis teu ngareunah pikir.
-. Aya nu dianjing cai, aya anu dihéroan.
-. Balandongan ngujur jalan, sok hayang baé los indit.
-. Baréto gé batu pirus, juragan geuning pelekik.
-. Béas ditutuan deui, iraha bisa patepung.
-. Béndi panjang roda opat, ulah kalah ka carita.
-. Béntang baranang di imah, samar bisa panggih deui.
-. Bibika tipung tarigu, ku engkang tacan kaharti.
-. Bilangan jawa katujuh, abdi mah somah pituin.
-. Bulu panon wates taar, kapan seueur anu geulis.
-. Cakcak gedé kadal bilik, ulah dipaké mokaha.
-. Careuh beureum pasawahan, nu dusun leuwih ti misti.
-. Catetan bulan jeung taun, engkang mah ménak utami.
-. Cikur jangkung pamuraan, palay teuing ka nu geulis.
-. Cisusu kentel dipasak, ulah téga-téga teuing.
-. Dagangan pangrapet surat, mun kitu abdi mah alim.
-. Daun tuhur na tangkalna, ari ras ka nasib diri.
-. Deukeut-deukeut anak taleus, nyangkéwok teu kanyahoan.
-. Di Cikajang aya gunung, teu wasa kedah paturay.
-. Engkang téh ngajukut laut, seger mun panggih jeung nyai.
-. Gedang atah keur lumayung, engkang mah jelema ginding.
-. Gedong luhur panénjoan, narah keur saheulaanan.
-. Gedong tempat nu titirah, sok reueus ka nu binangkit.
-. Hayam cempa lalayaran, matak teuing nyeri ati.
-. Jukut jangkung saba reuma, abdi alim dipeupeurih.
-. Kararas daun kalapa, teu aya nu ngabangbrangkeun.
-. Kuring mah ngabeunying leutik, ari ras sok cimataan.
-. Kembang biru di astana, moal pegat mikaasih.
-. Kembang bodas buah bunder, ngaheruk nya pipikiran.
-. Kendang gedé pakauman, dagdigdug rasaning ati.
-. Koja awi dihuaan, sageuy teu kasorang deui.
-. Kuring téh kamenyan konéng, rumaos kawiwirangan.
-. Kutu baju kuar sinjang, moal weléh tumarima.
-. Lauk panjang saba parung, ari émut merod pikir.
-. Manuk beureum saba eurih, haté asa didudutan.
-. Manuk leutik beureum suku, katingal keur imut leutik.
-. Manuk renggé saba ulam, sok komo lamun geus jadi.
-. Matak ngajampana bugang, panasaran ku geulisna.
-. Mencek leutik saba alas, abdi sanggem jadi réncang.
-. Mun jajan sakadar tipung, manawi tacan rarabi.
-. Mun yaktos mangsi melayu, anjeun téh cinta ka kuring.
-. Nyiru gedé wadah bangsal, enéng mah sok sindir sampir.
-. Paribasa petis cina, hayang nepi ka cacapna.
-. Péso pangot ninggang lontar, acan katuliskeun diri.
-. Puguh gé ubar muriang, nu hina leuwih ti misti.
-. Puter putih saba lembur, engkang seja béla pati.
-. Ruas awi dirorékan, pikir asa selang-seling.
-. Bangkong lodor meuntas jalan, dadalan cilaka diri.
-. Sampeu ragi gantung diri, panyinglar haté nu hieum.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar